Sabtu, 25 April 2009

carita

naha?

Kocap hiji santri keur guneman catur jeung Ajengan di Pasantren.
Santri nanya ka Ajengan

Santri " Paralun ma'lum Mama, wireh sim kuring teh parantos kumawantun ka Mama jalaran aya tilu patarason nu ku sim kuring baris diajengkeun ka Mama".
Ajengan " Rek nanya naon atuh hidep teh, cik sok balakakeun ka Mama, ulah didingding kelir sindang siloka"
Santri " Saperkawis simkuring teh bade tumaros, naha leres ari Allah teh Aya sareng kumaha rupana? kalihna ti eta, Naha enya Takdir teh aya sarta teu tiasa di pungkir? atuh nu katiluna nu teu kahartos ku sim kuring, pan ari Setan teh didamelna tina seuneu, saur katerangan jaga ning geto eta setan teh baris disiksa di Naraka, sedengkeun eta Naraka teh didamelna tina seuneu oge, atuh panginten moal panaseun Mama da sarua seuneu, Naha Allah teu nyawang dugi ka dinya?"

Sarengsena eta santri nanya, teu kungsi lila Mama Ajengan napelkeun dampal pananganna kana pipi eta santri bari jeung sahabekna (nampiling). Atuh puguh we eta santri teh gogodeg sieun nu jadi Ajengan ngambek, bari olohok ngembang kadu alatan teu ngarti naon pangna Ajengan nampiling ka manehna.

Santri " Naha Mama bet nampiling ka Abdi?"
Ajengan " Mama mah lain ngambek sata geuleuh pangna nampiling teh, tapi ngan saukur ngajawab sakabeh pananya hidep"
Santri " Asa teu kahartos Mama"
Ajengan " Cik Mama rek nanya ka hidep, basa tadi di tampiling kumaha karasana?"
Santri " Nya peureus atuh Mama"
Ajengan " sukur ari karasa mah, cik ari eta Peureus teh aya? Sarta kumaha rupana?"
Santri " Peureusna mah aya Mama, mung kuring tu apal siga kumaha rupana"
Ajengan " Tah eta teh jawaban pikeun pananya anjeun nu ka hiji"

Santri tungkul bari mesem, teu kungsi lila nanya deui ka Ajengan.

Santri " Ari waleran anu ka dua naon Mama?'
Ajengan " Saacana Mama rek nanya ka hidep, ari hidep samemehna kungsi nyawang atawa ngimpi yen poe ieu bakal keuna ku panampiling Mama?"
Santri " Numawi henteu Mama"
Ajengan " Tah eta teh jawaban keur pananya anu ka dua".

Santri tambah mesem bari semu beureum eraeun. Teu kungsi lila pok nyarita deui.

Santri " Hatur nuhun Mama, karaos pisan wejangan Mama teh, mung paneda dugi tiasa ngawaler patarosan anu ka tilu"
Ajengan " Ari dampal leungeun Mama tinu naon dijieunna?"
Santri " Tina Kulit atuh Mama"
Ajengan " Tah ari damis hidep tina naon?"
Santri " Sami tina kulit oge Mama"
Ajengan " Naon nu karasa basa tadi ditampiling ku Mama?"
Santri " Peureus sareng nyeri"
Ajengan " Sok sanajan pada-pada tina kulit, pami Allah ngersakeun mah gening karasa peureus jeung nyeri. Sumawona ka Setan oge kitu, sabab Allah mah Kawasa.
Santri " Aduh Mama, beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunanana, sadaya piwejang estu karaos pisan ku sim kuring"

Nu bener ceuk jelema the nu kumaha?

Ari "Bener" ceuk jelema nu mana? Kacaritakeun hiji budak keur neangan "Bener" nu sok biasa diaku ku manusa teh siga kumaha. Alatan can bisa manggihan antukna eta budak teh nanya ka bapana. Ceuk bapana ka eta budak "Jang sabenerna nu ngaranna Bener teh teu aya, bisi Ujang hayang ngabuktikeun mah, hayu isukan jeung bapa urang teangan, miang ti dieu bari mawa kuda wanci haneut moyan sangkan teu kaburitan dina mulangna". Poe isuk wanci haneut moyan eta budak jeung bapana teh geus tatahar pikeun miang neang nu ngarana "Bener Tea". si budak nungtun kuda bari di aping ku bapana. Memeh asup ka hiji kampung, katingali di wates kampung jalma-jalma keur ngariung. sabada sasadu liwat ka ka nu keur ngariung, teu kahaja ieu budak jeung bapa ngadenge aya nu nyeletuk nyarita di antara nu ngariung, pokna "Dasar jelema teu boga pikiran, boga kuda teh lain ditumpakan, ieu mah kalah laleumpang bari nungtun kuda, kacape-cape". Ngadenge kitu teu kungsi lila si bapa nyarita ka budakna "Tah gening Jang, geus datang nu ngaran bener teh, cenah nu bener mah urang teh kudu numpakan ieu kuda". Atuh teu dililakeun deui, ieu bapa jeung budak teh tunggang kuda bari terus naratas jalan pakampungan. Barang liwat deui ka nu keur ngariung, kadenge aya deui nu nyarita pokna "Beu, meni taya rasrasan eta jalma duaan, kuda sakitu letikna ditumpakan ku jalma sadua-dua". Ngadenge kitu, Bapa ieu budak teh ngarandeg bari pok deui ka budakna. "Jang, gening salah urang teh, ceuk beja bieu urang teh taya rasrasan pedah kuda ditumpakan ku duaan, kumaha atuh mun ayeuna mah Ujang we nu numpak, keun bapa nungtun". Saharita keneh si bapa turun terus leumpang bari nungtun kuda nu ditunggangan ku budakna. Teu kungsi lila, ieu budak jeung bapa teh ngaliwatan pasar nu pinuh ku nu daragang jeung nu mareuli, ma'lum pasar ngarana ge. Kadenge deui galocokna jalma nu di pasar ngomongkeun budakna, majarkeun teh budak campelak jeung cumantaka, ngeunah-ngeunah nunggang kuda ari bapana dititah nungtun kuda. Ngarasa aya nu salah, si bapa ngabejaan budakna sakumaha caritaan jalma-jalma nu dipasar. Budakna nyarita "Pami kitu mah, wios Bapa wae nu tunggang, keun Ujang nu nungtun kuda". Ayeuna jadi tibalik, si bapa nunggal kuda, budakna anu nungtun. Barang geus rek tepi ka tungtung pilemburan, psangrok deui jeung jalma ragem nu tas baralik ti sawah. Kadenge deui aya nu nyarita "Dasar Bapa teu boga kanyaah, ucang angge nungtgang kuda ari budakna nu bolon keneh dititah nungtun kuda". Ceuk bapana ka budakna "Jang, kadangu nembe kumaha?". budakna ngajawab "Muhun kakuping Bapa, gening lepat deui urang teh". Rengse kaluar ti pilemburan, Bapa jeung Budak teh reureuh heula handapeun tangkal caringin, sasatna ngareureuhkeun heula kacape. teu kungsi lila bapana nyarita deui "Cik Jang, ku Ujang cobi wincik deui hiji-hiji kajadian nu tas kaalaman ku urang duaan, ti mimiti miang dugi ka rengse kaluar ti ieu pilemburan. Kira-kira ceuk Ujang omongan Jalma-jalma teh Bener atawa Salah?". Budakna ngahuleng sabab teu ngarti naon pangna jalma-jalma nu mere katerangan bet barareda.


Tidak ada komentar: